Senin, 14 Juni 2010

SISINDIRAN AGUSTUSAN

(pamaen asup ka Pentas, ngawih Rampak sekar lagu Sisindiran)
Sisindiran sisindiran, sindir sampir gogonjokan
Sisindiran sisindiran,  ……………………………
ngaramekeun agustusan
warisan karuhun urang
omat ulah kasindiran
ngageuing diri sorangan

(Memeh sisindiran tiasa dilebetan ku paguneman heula, tuluy nepikeun sisindiran sewang-sewangan luyu jeung jejer pasualan nu rek ditepikeung)

(Jejer: Kamerdekaan & Pangwangunan)
Ka cikarang meuli uyah
Meuli suling direkaan
Hayu urang suka bungah
Mieling kamerdekaan

Baheula ka Karangtengah
Kiwari ka Leuwipanjang
Baheula urang dijajah
Kiwari ngan kari senang

Sangu liwet saboboko
Dibawa ka parapatan
Masing inget ulah poho
Ka jasa para pahlawan

Ngisikan dina pancuran
Moe baju na gantungan
Ngeusian kamerdekaan
Ngamajukeun pangwangunan

Mun urang ka Sukamaju
Meuli lobak jeung tarasi
Mun hayang nagara maju
Ulah loba nu korupsi

Ka Cibingbin ngala haur
Mawa loyang ka ondangan
Pamingpin nu dilaluhur
Ngan hayang ngeunah sorangan
(Jejer: Pendidikan)
Ngala hurang wanci lohor
Ngala saga pikeun ubar
Lembur urang tangtu sohor
Lamun wargana motekar

Meuli hurang ka Pananjung
Meuli minyak dina botol
Lembur urang bakal nanjung
Lamun rahayatna getol

Mun liar ka alun-alun
Rek diuk na bangku kai
Mun diajar taun-taun
Tinangtu boga pangarti

Mun hayang ka Kebonkopi
Ulah poho mawa apel
Mun urang boga pangarti
Ku batur tangtu diandel
 
Mang Ajid rek ngala buah
Ngala nangka ka Cidora
Di masjid malem Jumaah
Nu aya ngan budak ngora

Pameuntasan mindeng kosong
Sabab cukangna paralid
Pangaosan mindeng kosong
Sabab sepuhna marelid
(Jejer: Siskamling)

Meuli sate ka Cilamping
Balikna rek tumpak delman
Pa Erte nitah siskamling
Supaya lingkungan aman

Meuli rante reujeung parang
Meuli sugu eukeur nyerut
Pa Erte pamingpin urang
Kudu digugu ditiru

Majar maneh tumpak Honda
Singhoreng tumpak keretek
Majar maneh rek ngaronda
Singhoreng rek ngadon kerek

Baju pungsat ka tungtungna
Baju renda enggeus enggeus soek
Bangsat genah lalugina
Lantaran nu ronda kerek

Majar maneh tumpak Honda
Singhoreng mah tumpak kuda
Majar maneh rek ngaronda
Singhoreng ka imah randa

Ka Cijulang tumpak kuda
Tangtu ginding make topi
Lamun melang ka nu ngaronda
Sing sering ngirim cikopi
(Jejer: Lingkungan Alam)
Boboko sokona panjang
Paranti nunda aseupan
Halodo teuing ku panjang
Patani engap-engapan

Aya kueh dina piring
Rek didahar lamun hayang
Cabe paeh tomat garing
Kumaha nya mayar hutang

Lamun urang hayang jajan
Kade poho mawa piring
Lamun hayang aya hujan
Kudu ngamandian ucing

Saeran dina kihujan
Hayam bikang dina kisa
Pangeran teu mere hujan
Sabab urang loba dosa
(Jejer: Pamuda/Rumaja)
Tumpak kuda ka Cipari
Tumpak kahar sugan bisa
Pamuda jaman kiwari
Motekar loba kabisa

Mawa pita dibungkusan
Mawa kai dikunjalan
Hayang pesta Agustusan
Dagang cai tengah jalan
 
Mawa pita dibungkusan
Mawa kaen lalambaran
Hayang pesta agustusan
Baramaen tengah jalan

Ka Cigending meuli siwur
Meuli sarung anu rubak
Haying ginding cara batur
Buuk rancung kawas landak

Ngala kuya ka Cihaur
Meuli kangkung dina misting
Haying gaya cara batur
Ceuli jeung irung dianting

Tumpak kuda ka Cikarang
Jalanna sok robah-robah
Pamuda di lembur urang
Teu kabita ku Narkoba

(Pamaen kaluar ti pentas, ngigel bari rampak ngawihkeun lagu Sisindiran)

Sisindiran sisindiran, sindir sampir gogonjokan
Sisindiran sisindiran,  ……………………………
ngaramekeun agustusan
warisan karuhun urang
omat ulah kasindiran
ngageuing diri sorangan


TAMAT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar