Senin, 14 Juni 2010

PATURAY TINEUNG

Overture (Gending Bubuka)
Nu mawa umubul-umbul asup ka pentas, molahkeun umbul-umbul tuluy sideku. Umbul-umbul didoyongkeun siga ka wangun gapura/lawang saketeng.
Barisan Maktal (penari pameget bubuka dina wayang) asup ka pentas bari mawa gugunungan, jumlahna diluyukeun jeung kabutuhan tulisan anu rek dipake, contona PILEULEUYAN…..(jumlahna 11 gugunungan), diturukeun kuna mawa bandera, panji atawa pataka. Ngawangun pormasi. Gerakan diluyukeun jeung Rajah.

Rajah
Pun sapun ka Maha Agung,
Ka Allah Illahi Robbi
Ya Allah pamuntangan beurang,
Ya Robbi pamantengan peuting
Sajatining pati hurip,
Sajatining kalanggengan

Sumeja neda paralun, paralun kabudeur awun
Ka rumuhun ka karuhun
Seja amit kami mipit
Seja menta kami ngala
Ngunder tineung panasaran,
Mapay beja mangsa lawas
Tapak lacak na wiyata
Di lemah sarakan………..*)
(dieusi ku ngaran tempat, lembur, wewengkon)
Ngajungjung lungguhna elmu, komarana atikan

Ti mendi pipasinieun, ti mana picaritaeun
Urang nyoreang ka tukang, urang jujut hiji-hiji
Ngarah puguh nya pitutur, ti bihari ka kiwari

Agung…agung………

Gending/Narasi marengan asupna rombongan pager ayu, sapasang wawakil siswa pinunjul kahiji dipayungan ku juru payung, nu ngagotong jampana/kurung manuk dieusi sapasang manuk japati, disatukangeunana dalapan  pasang siswa pinunjul, dituturkeun ku penari maktal anu mawa gugunungan.

Narator
Geura lagukeun kidung liwung nu panungtung
Geura hariringkeun kawih asih tina ati
Sugan teteg ieu lengkah nu rek lunta
Sugan jembar ieu lengkah rek paturay


Mun isuk balebat nyingray di wetan
Srangenge sumirat deui di langit …………………..*)
Boa saukur jadi kalangkang
Kalangkang dina eunteung panineungan urang

Mungguh ari waktu
Kapan jamparing anu melesat
Nyeak ninggalkeun patk demi patok lalakon
Raca tapakna jadi pilar-pilar kakelar

Tilu taun geuning geus kalaring, sempal guyon gogonjakan
Silih asih ku pangarti
Silih asuh ku kaweruh
Ayeuna nincak mangsana urang paturay pajauh

Pasini urang tepi ka dieu
Lalakon urang tepi ka poe ieu
Tali batin urang cangreud dina ati
Baris nganteng jadi gurat panineungan
Di dieu aya bagja jeung cimata
Di dieu aya nu jajap jeung nu dijajapkeun
Awor dina ringkang pileuleuyan

Nu dikantun wuwuh ngungun
Nanging bagja binarung bagja
Ngungun soteh reh waktosna kedah pisah
Nanging bagja sabab sirung baris renung
Baris mangkak jadi wawangi lemah cai

Gending simpe
Kapala sakola dihaturanan ka panggung. Sapasang wawakil siswa pinunjul sungkem, nu sejenna milu diuk tarungkul disatukangeunana.
Gending ngeusian narasi

Narator

 Bral, geura tandang neang kahayang
Nyukcruk elmu nyungsi harti
Muga jembar ku panalar
Mugi sugih ku pangarti

Bral, geura leumpang anaking
Sing jucung ngudag kahayang
Hidep dijajap du’a jeung cimata
Dijajap du’a jeung cimata


Bral geura miang anaking
Hidep dijurung lumaku
Lumampah nyorang lalakon
Nyaba ka jaganing jaga
Neang hirup nu rahayu

Sabada acara sungkem, kapala sakola masrahkeun ijazah ka wawakil siswa, sasalaman ngawilujengkeun, tuluy ngalepaskeun japati sajodo tina jampana/kurung, minangka simbul paturay jeung pangjurung ka parasiswa. Barisan gugunungan malik-malikeun gugunungan masing-masing, luyu jeung gending, tepi ka kabaca aksara: PILEULEUYAN…..Prosesi rengse pamaen ka luar pentas.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar