Senin, 14 Juni 2010

GEUS SURUP BULAN PURNAMA

Prolog
Saban waktos, lisan urang tan kendat ngedalkeun solawat
Ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW

 Allohumma sholli’ala Muhammadin ‘abdika,
wanabiyyika, warrosullika nabiyyil ummiyyi,
wa ‘alla alihi washobihi wassallam

Rupining hadis anu mertelakeun kamulyaan
kalih kaagungan Rosul, parantos sering pisan ku urang kadangu
Sajumlah riwayat anu nerangkeun kajadian demi kajadian
nu kaalaman ku Rosul; -tingawitan babarna, isro mi’rajna, hijarhna, tug dugi ka lalakon perjoanganana
di medan-medan perang –
ieu oge mindeng ku urang kadangu

Nanging peristiwa pupusna Rosul
alum nguyungna para sahabat jeung langit Madinah harita,
sok luput tina implengan urang

Suasana ieu pisan, suasana nalika Rosul pupus,
anu diasongkeun ku ieu carita
Pikiran jeung rarasaan urang
bakal dibawa ka hiji mangsa, ka hiji tempat,
nu kahalang ku anggang waktu rebuan tain
Implengan urang bakal anjog ka dinya, ka hiji tempat
-       bumi Rosullulloh
Urang asa ningal layon Rosul nu ngalungsar
alumna para sohabat, juuhna cimata, sareng Bilal nu nyuuh
kalebuh dina kasedih jeung kapeurih batinna ……. !

Adegan Bubuka
 (Tahlil jeung Sholawat)

Musik ilustrasi: (Nuansa padang pasir)
Gerak: (Nyuuh)

Rampak 1
Lailaha illalah, laillaha illalah
Laillaha illalah, muhammadarasulullah

Rampak 2
Ya Rosulullah, salamun a’laik
Ya Nabi salam, ya Nabi salamun a’alaik


Anggana (Bilal)
Allahumma sholli a’la muhammadin ‘abdika
Wannabiyika, warosullikannabiyil ummiyi
Wa’ala alihi wa shohbihi wassallam

Narator:
Raga nu ngalungsar jero istirah panjang, teu lesot tina teuteupna. Ditetuteup terus diteuteup, meh teu ngiceup-ngiceup. Beuki rumeuk. Les ngaleungit (gerak sirah ngulahek), layon ujug-ujug musna. Manehna ngaranjug, Gentak ngagisik panon. Breh deui tembong, banusan angger ngalungsar, bangun ayem dina tengtrem. Ilang teh horng kasaput cipanon ngembeng. Teu karasa.
Kuniang manehna cengkat. Cong solat janasah. Du’a solawat ngagalindeng halon ti batin nu ngarakacak.

Rampak (Tahlil dibarung solawat)

Rampak 1
Lailaha illalah, laillaha illalah
Laillaha illalah, muhammadarasulullah

Rampak 2
Ya Rosulullah, salamun a’laik
Ya Nabi salam, ya Nabi salamun a’alaik

Narator
Basa layon dikurebkeun, meh bae manehna bedah ngagoak. Bari tipepereket nahan rewu rupa rasa nu ngagolak, ceg leungeuna kana singkup gerak: leungeun katuhu diangkat, tuluy muter). Sewur,  sewur, laun, taneuh keusik ngarimbunan salira jisim mulia, disiram keclak cimata. Basa sore geus reup-reupan, dina peuting nu mimiti ngangkrang.

Ngabigbrig manehna balik, henteu purun cacarita jeung sasaha. Blus ka kamar, ngabebengkang. Salila-lila ngeueung nyorangan, nataran katineung ka nu mulang ninggalkeun.

“Memang anjeun kagungan Allah, ya Rosul”, ahirna Bilal ngagerendeng bari malik terus nangkuban. Tapi pameunteuna Rosul angger ngalangkang. Teu kalis ku dipeungpeunan, dipeureum-peureum. Rahuh weh manehna ngarahuh, jero jeung panjang. Dadana karasa beurat. Beurat batu na dadana nu ditindihkeun ku Umayah ngan tiba ngaraheutan kulitna. Tapi tilarna Rosul nyasaak hatena, ngagerihan batinna, mupul lelembutannana.

Panangan Rosul nu ranggem kaheman, tos ngangkat jeung nungtun manehna ti jungkrang nu peteng medem. Risalahna geus nyangking dirina, tina abid nu hina nista jadi insan nu boga ajen jeung harga diri. Ku Rosul rumasa dijelemakeun.

“Gancang panggihan Bilal, ajarkeun kalimah-kalimah adan eta (Gerak: Leungeun katuhu nungkup ceuli/peta nu adan, tuluy muterkeun awak nguriling). Manehna nu kudu nyoarakeunana, sabab sorana leuwih tarik jeung halimpu ti batan sora anjeun, “ngagalindeng deui dawuh Rosul ka Abdullah bin Zaid. Bilal meunang kahormatan, kaselir jadi muazin Rosul. Manehna deuih nu meunang kapercayaan nyekel al-khumus, saperlima bagian Rosul, yatim, miskin jeung ibnu sabil, tina harta rampasan perang. Bilal kaselir jadi bendahara Rosul.

Musik ilustrasi: (Intro/pamangkat lagu pupujian)

Rampak
Taya kareueus nu pangendahna
Iwal ti dipuji ku insan pinuji
Taya kabagja nu panggedena
Lian ti dipercaya ku Al Amin

Narator
Kacinta Rosul ka dirina, karasa ku manehna tur kasaksen ku sarerea. Ngungkulan cinta indung bapa ka anak nunggalna.

Bilal angger nyuuh. Awakna endag ku engapan hegak dadana. Cintana ka Rosul ngaleuwihan cinta ka dirina pribadi. Geus lebur jiwa ragana kana risalah nu dicandakna. Top raga top nyawa.

Cinta ka Rosul mo beunang disisilihan. Angot basa ahir-ahir kanyahoan, yen Rosul pisan sayaktosna nu nganjurkeun ka Abu Bakar supaya nebus manehna. Turta Rosul keukeuh teu kenging diwagel ku Abu Bakar, palay ngiring andil urunan artosna pikeun nebus manehna ti Umayah bin Kholaf.
Asa ngalangkang deui dina ciciptana kadoliman Umayah bin Kholaf. Breh kacipta gangasna leungeun Umayah nu nandasa dirina di sagara keusik….

Gerak: (formasi sababaraha gerakan, rongkah, adegan Bilal disiksa)

Dina ruhayna pirunan langit gurun
jeung ngempurna seuneu mata Umayyah

Dina hiukna panas sagara keusik
jeung burinyayna pecut nu nyiksikan kulit

                  Bilal bin Rabah
                  teu ngeserkeun iman najan satungtung buuk

Dina mentrangna tujuh srangenge padang ruhak
jeung gangasna amarah jahiliyah

Dina juuhna getih nu ngagarajag
jeung jelegerna siksaan kana tulang-tulangna
                  Bilal bin Rabah
                  hibar dina mubyarna cahya Muhammad

Dina beuratna gundukan batu nu ngaheumpik dadana
jeung gumurhna kabiadaban kaom Qures

Dina garingna tikoro nu ngorolok
jeung utasan nyawa nu ngan kari sasimprengeun

                  Bilal bin Rabah
                  Ngarenghap na asma Allah
                 
Ahad!  Ahad!  Ahad ……………… !

(dibarung ku rampak) : Ahad!  Ahad!  Ahad …………… !

Sanggeus nyaho kana eta lalakon nu kacida dirusiahkeunana, cintana ka Nabi beuki meulit. Binarung rasa hormat wedi asih nu clik putih. Beuki meulit taya niat pukah deui, hamo kuat pisah deui.
Asa rajet hatena kasiksa kangen, basa kapaksa kudu pisah. Hijrah ti heula ka Madinah.

Bilal: (Ngahariring lagu pupujian)

Nyeri beuheung sosonggeteun, sosonggeteun
apeuting asa sataun, sataun
ngantos Rosul teu jol bae, ngantos Rosul teu jol bae..

Narator:
Unggal poe manehna lunta ka luar kota Madinah. Ngajjentul ngarep-ngarep Nabi sumping. Pisah ukur mimingguan, bubulanan geus sakitu ripuhna. Asa tutug jajantungna kaduruk gandrung. Ari heg ayeuna kudu pisah keur salalawasna1 Ya Nabi! Ya Robi! Ya maulana!

Musik ilustrasi : (Biola ngagelik, rada lila, ngahudang suasana sedih)

Narator
Peuting terus ngarayap ngarungkup Madinah nu nguhkul alum. Kota cahaya leungiteun cahya. Bentang tingkerejep, kiceup panon nahan cimata. Langit ngajumbleng hieum, tan warna tan soara. Ngan angin teu eureun-eureun ngahiur, ngadius bangun nu rusuh, mawa beja ka lurung-lurung jagat buana…. Al Amin parantos mulih! Rosulullah tos ngantunkeun.

Gerak (Ti arah nu beda, duaan asup ka panggung, rusuh, nepikeun beja yen Rosul geus pupus. Ditutukeun ku nu sejen, pahibut, teu percaya, silih tanya, patinggorowok)

Guneman
Rosul parantos pupus?
Rosul tos ngantunkeun?
Rosul parantos pupus?
Rosul parantos pupuuuuuuus…!
Al Amin tos ngantunkeueueueueun…!
Rosul parantos pupuuuuuus…!
Al Amin tos ngantunkeueueueun…!

Narator
Kulisik Bilal ngulisik. Nyangigir, gulinggasahan. Blak deui ngabebengkang. Leungeunna nyampay dina tarang. Panon nu beueus ceuleuyeu, melong kosong tan paninggal

Bilal: (bari nguniang cengkat, pepeta)

“Anjeun teh bulan purnama, nu nyaangan mongklengna kahirupan manusa. Kumaha horeng jadina, sabada nur anjeun nyalira pareum. Geus surup bulan purnama! Geus surup bulan purnama! Langit medem bumi peteng! Tapi henteu! Henteu! Astagfirullah!”.
“Rosul baris terus jumeneng sapanjang mangsa. Salalawasna. Lalakon hayatna nu arum kebek wawangi jeung meuhpeuy ku kahadean, tapak lacakna nu gumebyar ku ahlak jeung bebeneran, ngajadi obor hidayah nu nyinaran umat enggoning lumampah ngigelan jaman.”
“Teu, Rosul teu pupus jeung moal pupus-pupus. Sapanjang Qur’an al-karim masih aya jeung masih tetep jadi bacaan umat. Sapanjang sunahnna nu endah mulya, tetep jadi teteken jeung tetekon hirup manusa. Satungtung langit mayung, jagat ngampar, srangenge nyorot manceran…….”

Rampak
Tahriman

Allahummarhamna bil qur’an
Waj’alhulana imama wanuron wahuda warohmah…jst

Narator:
Balebat nyingraykeun lalangse peuting lalaunan. Pajar ngarongheap datang. Tebeh wetan mimiti ray-rayan. Tingarudat sutra emas, tingarudat nyulam geblegan buludri hideung.
Ras kana kawajiban nu geus baku. Bilal nguniang hudang. Kulutrak mukakeun panto. Ngadaligdeug lengkahna ngajugjug masjid.
Geus baku, memeh adan teh ngadu’a heula. Sangkan dipaparin rijki hidayah jeung takwa, kabersihan jeung kajembaran jiwa. Jeung jaga dihijikeun dina kumpulan para sodikin, syuhada jeung para solihin.

Basa waktu adan geus manjing, sorana ngalanglaung ti munara masjid Nabawi. Husu tur agung. Panggero langit ngumbul, mumbul ka awang-uwung. Sumeleket mapay birit-birit peuting. Nambah simpe tungtung peuting nu meujeuhna jempling.

Musik ilustrasi:

Bilal: (Nguniang nangtung, adan)

Allahu Akbar, Allahu Akbar
Allahu Akbar, Allahu Akbar
Asyhadu an laailaha illallah
Asyhadu an laailaha illallah
Asyhadu anna …….

(Bilal teu kebat adan, kaburu ngarumpuyuk, nyuuh)

Narator:
Teu bisa kebat…….
Tikorona ujug-ujug nyelek. Dadana ngadadak eungap. Biwirna rapet, letahna beurat. Pireu, ngadadak pireu, lir dicekek eureup-eureup. Berebey cipanon haneut mapay pipina. Lila-lila ngagarajag. Gentak ditungkup ku dua dampal leungeunna. Tapi rembes ngaliwatan sela-sela ramona. Sawatara jongjongan manehna ngagukguk. Sumegruk bari nyuuh kana tembok.
Satekah polah manehna negerkeun hatena. Ngetrukkeun saayana jajaten dirina. Ahirna bisa deui nuluykeun hanca adanna. Tapi socana ngayapak jeung dumareuda….

Bilal
Maksakeun maneh rumanggieung cengkat deui
Asyhadu anna Muhammadar Rosulullah.
Asyhadu anna Muhammadar Rosulullah.
Hayya alas sholah. Hayya alas sholah,
Hayya alal falah. Hayya alal falah
Asholatu khoirum minannaum
Asholatu khoirum minannaum
Allahu Akbar, Allahu Akbar
La ilaha ilallah……………….





Rampak
Bari namprakeun leungeun, ngadua sabada adan

Allahumma robba hadzihi da’wati tammah
Wassholati qoimah… jst

Narator
Rengse solat, gura-giru manehna balik. Blus deui numpi diri.
“Tilarna anjeun ya Rosulullah, mangrupi hiji karugelan. Namung tos kitu qodo Allah lumaku. Moal aya hiji kakuatan nu wasa nolak, nyulumput”.
Waktu lohor ampir cunduk. Bilal karek turun ti imahna. Datang ka masjid, gek diuk di juru misah jeung mencilkeun maneh ti batur

Geus waktuna adan. Tapi sora Bilal angger lebeng. Breh di juru. Bilal nguhkul jero tapakur

Sahabat
Adan, ya Bilal
Bilal
Kuring moal adan-adan deui. Pek we nu sejen

Narator:
Tembalna ngageuri. Luk deui tungkul. Torojol Abu Bakar sumping.

Musik: (panganteb suasana kasumpingan Abu Bakar)

Abu Bakar
Ka mana Bilal? Di mana Bilal?

Bila
lIeu kaula, ya Abu Bakar

Abu Bakar
Adan, ya Bilal!

Bilal
Moal!

Abu Bakar
Naha?

Bilal
Upamana anjeun baheula ngamerdekakeun kaula teh, sangkan kaula tetep jeung anjeun, memang aya hak anjeun, ya Abu Bakar. Tapi, lamun anjeun ngamerdekakeun kaula teh ngan wungkul karana Allah, antep kaula dina kamerdekaan kaula ieu
Demi karana Allah, kaula ngamerdekakeun anjeun
Lamun kitu, kuring moal adan pikeun sing saha bae, salian ti Rosulullah (tembal Bilal anteb dareuda bari tuluy nyuuh deui)

Musik ilustrasi (sedih…)
Narator:
Bawirasa ngan ku jalan eta manehna bisa nembongkeun bela bakti jeung kasatiaan ka Rosulullah. Pangupukan lelembutanana, huluwotan jeung muara cintana

Madinah beuki ngungun. Leungiteun cahaya, leungiteun soara. Aya hariring angin lalaunan, ngagalindeng ngawihkeun kidung surgawi…..

Musik ilustrasi (pamangkat kana lagu pupujian)

Rampak
Wilujeng mangsa lahirna
Wilujeng mangsa tilarna
Wilujeng wanci baasna deui
Wilujeng wanci baasna deui

Hurmat urang ka Anjeunna
Dina mangsa jumenengna
Sareng sabada wafatna
Eta teu aya bedana

Duh Gusti jungjunan abdi
Sidna Muhammad habibi
Pamugi salira nampi
Ka nu hina diri abdi

Abdi umat ahir jaman
Anu banget panasaran
Hoyong tepang ngadeuheusan
Seja tumut erah badan

Di yaumil ahir jaga
Mugi ngocor safa’atna
Abdi sareng indung bapa
Ngiring Gusti ka sawarga

Di yaumal ahir jaga
Mugi ngocor safa’atna
Abdi sareng indung bapa
Ngiring Gusti ka sawarga


RENGSE

Katerangan
Ieu naskah direka tina carita pondok karya Yous Hamdan anu dimuat dina buku Sawidak Carita Pondok, PT Mangle Panglipur, 1983. pikeun kaperluan pagelaran dramatisasi, eta carpon diraeh deui. Taun 1998 jeung 2002, ieu naskah kungsi dipagelarkeun sababaraha kali ku Teater 7 Damar Bandung di sababaraha kota (Bandung, Garut jeung Tasikmalaya)

Sumber Panggelar  Sastra
Drs Ahmad Hadi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar